Thursday, February 28, 2013

[Essai] Manfaat Buah Srikaya


Nama : Afina Syahida
Kelas : XII IPA 2

Manfaat Buah Srikaya
Srikaya nyaeta tanaman nu kagolong kana genus Annona, asalna ti daerah tropis. Buah srikaya bentukna buleud, kulitna bermata loba (sarupa sirsak), daging buahna warna bodas.
Buah Srikaya salain rasana anu amis, srikaya oge gaduh khasiat anu luar biasa, kandungan nu aya dina srikaya ieu bisa dijadikeun obat kulit, gangguan pancernaan, jeung sajabana.
Dihandap ieu aya sababaraha manfaat Buah Srikaya :
> Akar Srikaya ngandung flavonoida, borneol, kamphor, terpene, alkaloid anonain, saponin, tanin, jeung polifenol. Rasana pait, sifatna tiis. Khasiatna kanggo antiradang, antidepresi. Biasana digunakeun kanggo ngananganan sembelit, disentri akut, depresi mental, jeung nyeri tulang tonggong.
> Daun Srikaya rasana pait, sifatna saeutik tiis. Khasiatna astringen, antiradang, peluruh cacing usus (antheimintik), sarta ngagancangkeun pamasakan bisul dan abses.
Daun digunakeun kanggo ngatasi batuk, hareeng, reumatik, nurunkeun kadar asam urat darah anu tinggi, diare, disentri, rectal prolaps kanggo anak, cacingan, kutu mastaka, borok, luka, bisul, skabies, kudis, jeung ekzema.
> Siki Srikaya gaduh khasiat macu enzim pancernaan, abortivum, anthelmintik, jeung pambunuh sarangga (insektisida). Kandungan anu aya dina siki srikay diantarana minyak, resin, jeung bahan beracun anu sifatna iritan.
> Kulit awi khasiatna astringen jeung tonikum, bisa digunakeun kanggo mengatasi diare, disentri, jeung luka berdarah. kulit kayu mengandung flavonoida, borneol, kamphor, terpene, dan alkaloid anonain.
> Buah Srikaya yang masih muda mengandung tanin dan berkhasiat untuk ngananganan diare, disentni akut, jeung gangguan pancernaan (atonik dispepsia).
> Srikaya oge gaduh manfaat kanggo kacantikan, kandungan antioksidan, saperti vitamin C, bisa ngabantu ngalawan radikal bebas dina tubuh. Kalium jeung magnesium anu aya dina buah ieu oge bisa ngalindungan tina serangan panyakit jantung.
> Akar jeung kulit awi ngandung flavonoida, borneol, kamphor, terpene, jeung alkaloid anonain. Salain eta, akarna oge ngandung saponin, tanin, jeung polifenol. Buah ngandung asam amino, gula buah, jeung mucilago. Buah ngora ngandung tanin. Tina Manfaat Buah Srikaya Kanggo Kasehatan diluhur urang patut bersyukur ka Allah SWT anu atos nyiptakeun Buah-buahan anu seger juoge seueur manfaat sae kanggo tubuh, ieu mangrupa salah sahiji bentuk kasih sayang Allah ka umatnya. Sabab dina buah eta teh seueur Vitamin anu dibutuhkeun kanggo tubuh.

1 comment:

  1. geuning buah srikaya teh seueur manfaatna .. haturnuhun infona .. !

    ReplyDelete