Wasta : Goesti utomo putro w.
Kelas : XII IPA 2
Absen : 11
Pamilu
Pamilihan umum atawa nu biasa disebut pamilu eta wajib dilakukeun ku kabeh warga nagara Indonesia nu geus miboga KTP pikeun milih salah sahiji pamingpin anu amanah jeung bisa ngabageakeun rahayatna. Ngan masalahna, urang teu apal kumaha carana milih pamingpin kusabab kurangna warta ka warga ngeunaan calon pamingpin anu bakal dipilih. Tangtu ieu bakal jadi hal anu ngabingungkeun rahayat sarta tungtungna mah milih jalan nu salah nyaeta ku “golput” atawa golongan putih. Mereun ceuk pikirna, leuwih hade teu milih tibatan milih pamingpin anu teu dipakawanoh asal-usulna.Pamilu kiwari lain ngan diuyuan ku jalma-jalma anu hirup dina dunya politik wungkul, tapi oge tikalangan artis anu teu ngarti-ngarti acan kana sistim pamarentahan. Sakuduna mah pamingpin nu bakal dipilih teh miboga asal-usul anu jelas kalawan jentre taya nu ditutupan. Kusabab pamingpin mah kudu transparan dihareupeun rahayat da nu bakal ngamajukeun ieu nagara teh saha deui mun lain rahayat. Warta ngeunaan calon pamingpin kudu diumumkeun ka kabeh masarakat supaya urang meunang pamingpin anu ngarti kana kahayang rahayat.
No comments:
Post a Comment