SI KABAYAN
Saha urang Sunda anu henteu terang ka
si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongéng
anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis
jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan..Si Kabayan tokoh dongéng mah fiksi, ngan aya dina
hayalan anu nyaritakeun atawa nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana
nepi ka kudu dikubursagala. Tapi henteu mustahil kétang sabada dikubur,
kakara caritana sumebarbari jeung ditambahan atawa diréka-réka ku ahli carita.
Enya henteuna kitutanwandé kudu dipaluruh
heula sacara ilmiah.Si Kabayan téh dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu
nyieun carita nu tokohna si Kabayan henteu béak-béak. Bari jeung lamun
dititénan pasipatan tokoh si Kabayan téh henteu salilana konsisten. Maksud téh
dina saban carita sipat siKabayan téh
henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teunyaho di cedo,
wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi
tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohanasorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bias
ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu Kabayan teh
manusa nu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa
mangaruhan jelema. Hartina si Kabayan téh
manusa nu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul.
Tapi aya henteu
aya nu sok ngaidentifikasi Sang Kuriang ka urang Sunda. Leuwih réa anu
ngaidéntifiaksikeunana téh ka siKabayan. Pikeun ngarobah citra ngeunaan diri
hiji bangsa atawa sélér, henteu babari. Citra urang Sunda téh si Kabayan lain
citra anu positif, tapi citra Sang Kuriang ogé henteu matak agul (ku sabab turunan anjing jeung babi nu ku budaya
jeung kayakinan urang Sunda kiwari sorangan lain sato anu mulya, malah najis).
Lamun urang Sunda hayang miboga citra anu positif, kudu nyieun légenda
anyarupamana ku némbongkeun préstasi anu luar biasa dina ngawangun Indonesia
jadi bangsa nu dipihormat ku bangsa lian, lain jadi bangsa paria nu ngan
bisang ékspor babu jeung kuli sarta gawéna kekeleyengan néangan hutang. Ngan lamun aya urang Sunda anu préstasina di aku ku
lain ku urang Sunda baé, lain kusélér lian sabangsa pada-pada urang
Indonésia baé, citra yén urang Sunda téh siKabayan anu kabisana ngan bobodoran
ku sabab henteu bisa ngungkulan masalah anu
disanghareupan bisa leungit.
(Merlina Sahwi)
No comments:
Post a Comment