Aksara Sunda Keur Indonesia
(ku : Nur Muhamad Aziz)
Ti sabang neupi ka
merauke, budaya Indonesia teh loba pisan. Tinu tarianna, lagu – lagu
daerahna neupi ka kerajinanna. Conto tinu tarian nu geus kawentar jiga
tari jaipong, tari kecak, tari merak, tari piring jeung tari reog
ponorogo. Aya oge lagu – lagu daerah nu Indonesia jiga ampar – ampar
pisang, gundul – gundul pacul jeung apuse. Lamun kerajinanna jiga kain
songket, batik, anyaman jeung rupa – rupa deui.
Tapi aya oge
budaya anu lain, nyaeta aksara – aksara daerah Indonesia. Salah sahijina
nyaeta aksara sunda. Akhir – akhir ieu aksara sunda mulai ngaleungit di
kahirupan masyarakat sunda. Kusabab aksara sunda ieu lolobana geus teu
diajarkeun ka barudak di daerah sunda sorangan. Jeung aksara sunda ieu
geus tara diajarkeun di sakola - sakola. Ngan saeutik sakola nu masih
keneh mikeun pangajaran aksara sunda.
Kusabab kitu, aksara sunda
perlu dilestarikeun ku cara diajarkeun di sakola – sakola atawa diajar
ku cara otodidak. Ngarah budaya urang anu ieu henteu di klaim deui ku
nagara tatangga.
No comments:
Post a Comment