Friday, March 1, 2013

[EssaiI] Acara TV jeung Rumaja

Acara TV jeung Rumaja
(Laga Cahya Yudha)
XII IPA 2

            Sering pisan urang ningali atawa nonton acara-acara tentang rumaja anu misalna Sinetron atawa Reallity Show anu nampilkeun karakter rumaja anu kurang bener.
            Rumaja anu dimaksud nyaeta barudak anu umurna masih keneh 13-18 taun atawa anu masih make saragam bodas biru atawa bodas abu.
            Eukeur Reallity Show misalna aya sababaraha adegan anak awewe anu tega nyiksa indungna sorangan anu alesanna teh ngansaukur kurang duit jajan, atawa Rellity Show anu nyaritakeun hiji budak lalaki anu bogoh ka hiji budak awewe terus ngalakuken sagala hal  nu matak budak awewe eta bogoh ka manehna.
            Eukeur Sinetron, kisah anu paling loba dicaritekeun nyaeta tentang  bobogohan rumaja sarta geng-gengan, anu lewih parah nyaritaken tentang teu kasopanan budak rumaja ka guru atawa ka kolot.
            Hal-hal anu ditayangkeun bisa jadi kabiasaan anu lumrah sanajan hal-hal eta teh salah jeung jauh ti tata krama budaya urang sunda. Contona teu sopan ka kolot, nurutan budaya kabaret-baratan jeung jauh ti kawajiban rumaja anu kuduna nuntut elmu nu bener
            Mimitina media elektronik ngan saukur hayang nayangkeun acara hiburan anu tokohna rumaja jeung carita anu anyar. Tapi dina ahirna ngajurung para rumaja sangkan ngurangan nuntut elmu kusabab acara-acara anu ditayangkeun teh lewih rame daripada diajar.
            Jadi loba rumaja anu nyonto kana adegan-adegan anu ditayangkeun ngakibatkeun naekna angka tawuran, cara papakean anu kurang sopan nurutkeun budaya barat, tata krama kakolot nurun, jeung nurunna moral bangsa urang.
            Anu perlu dilakukeun ayena nyaeta ngan ngabatasan jeng ngajaga diri urang sorangan ngarah teu kabawakeun hal-hal anu gorengna. Kusabab kumaha wae oge rumanja nyaeta masa di mana keurneangan jati diri anu didukung ku lingkungan, jadi timimiti ayena urang kudu ngembangkeun lingkungan anu hade keur kabehan. 




No comments:

Post a Comment