Dita Fitriani Utari
XII IPA 2
Kurangna kapadulian Rumaja pikeun Seni jeung Budaya Sunda
Di jaman modern ieu, ku ayana kamekaran teknologi Internet na ngaeambah sakitu majuna tangtu mawa pangaruh anu kalintang hadean kana kahirupan Seni jeung Budaya Sunda. Diantarana Seni jeung Budaya bisa dipikanyaho ku Mancanagara, malah orang luar oge bisa nyaho jeung haying nyaho kana Budaya Sunda. Salain eta, ku ayana Internet dipiharep bisa jadi media anu bisa ngalestarikeun Budaya Sunda sangkan heunteu punah.
Tapi sanajan Budaya Sunda dipikanyaho di Mancanagara, tapi di tatar Sundana malah jadi dipopohokeun ku masyakatna. Misalna di jaman ieu Budaya Gotong Royong jeung musyawarah anu baheula mah dilakukeun ku masyarakatna ayeuna mah jadi heunteu dilakukeun ku masyarakatna, malah ayeuna mah masyarakatna loba anu individual. Salain eta ayeuna mah masyarakatna oge jarang ani ngamumule Budaya sunda, malah leuwih resep kana Budaya Luar Negeri. Kitu oge Rumajana, jaman ayeuna Rumaja leuwih resep kana Budaya Asing .Rumaja ayeuna jarang anu masih ngagunakeun basa sunda, malah sababaraha urang nganggap Basa Sunda teh Bahasa nu Jadul. Salain eta rumaja loba anu nyonto cara make baju jeung kahirupan sapopoe Budaya Asing, padahal Budaya Luar heunteu sesuai jeung Budaya Sunda.
Kukituna urang salaku urang Sunda kudu ngamumule Budaya Sunda dina kahirupan sapopoe supados heunteu punah. Seni jeung Budaya Sunda oge kudu dilestarikeun ku masyarakatna heunteu ku Rumajana hungkul. Sabab seni jeung Budaya Sunda teh Budaya urang sarerea anu kudu dijaga jeung dilestarikeun.
No comments:
Post a Comment