Friday, March 1, 2013

[Essai] Miceun Runtah kana Tempatna


Miceun Runtah kana Tempatna


Mindeng katingali ku urang tina boh dina tipi atawa koran yen banjir atawa caah teh keur meujeuhna kajadian dimana-mana. Nepi ka ayeuna oge aya sababaraha tempat anu masih kabanjiran. Hujan anu teu tangtu iraha ngeclakna, tatangkalan anu beuki saeutik oge ngakibatkeun banjir beuki gampang datangna.
Kasadaran masarakat jaman ayeuna kana ngajaga lingkunganna leutik pisan. Contona ngeunaan miceun runtah. Loba keneh anu miceun runtah kamana wae. Mimitina mah ngan hiji atawa dua urang, tapi saterusna mah beuki loba anu miceun runtah dimana bae teh. Tungtungna mah runtah anu dipiceun dimana bae teh numpuk tuluy nutupan solokan atawa irigasi nu ngakibatkeun lingkungan sakitarna jadi kotor tuluy banjir.
Tina masalah miceun runtah di luhur, bisa disebut yen banjir teh diakibatkeun ku kurangna tanggung jawab urang salaku masarakat dina ngajaga lingkungan nu jadi tempat urang netep oge tempat urang hirup. Kukituna, urang kudu introspeksi diri jeung urang sauyunan ngajaga lingkungan sangkan teu katutuluyan keuna ku banjir oge musibah nu lianna.


Ku : Suci Asri W
Kelas : XII IPA 2

No comments:

Post a Comment