Friday, March 1, 2013

[Essai] Kagunaan Jeruk mipis


Kagunaan Jeruk mipis

Jeruk mipis (Citrus aurantifolia) nya éta buah anu miboga rasa haseum jeung rada pait. Di antara 1300 jenis jeruk, Jeruk mipis mangrupa bahan dasar pikeun ramuan obat kecantikan tradisional di Indonesia.
Sacara umum, buah jeruk euyeub ku vitamin jeung mineral anu mangpaat pikeun kasehatan awak. Dina kandungan 100 g jeruk nipis, aya kalori 51 kal, protein 0,9 g, lemak 0,2 g, karbohidrat 11,4 g, mineral 0,5 g, kalsium 33 mg, fosfor 23 mg, besi 0,4 mg jeung asam askorbat 49 mg. Sajaba ti miboga kandungan vitamin C anu loba, jeruk nipis ogé ngandung asam sitrat, asam amino (triptofan, lisin),minyak atsiri (sitral, limonen, felandren, lemon kamfer, kadinen, gerani-lasetat, linali-lasetat, aktilaldehid, nildehid) damar, glikosida, asam sitrun,lemak,kalsium, fosfor, besi, belerang vitamin B1 dan C. Sedengkeun daun, buah jeung kembangna ngandung minyak terbang.
Mangpaatna : * Pikeun Raray
Jeruk mipis miboga mangpaat pikeun raray, sawatara mangpaatna nya éta :
1. Jeruk mipis bisa ngalemeskeun raray.
2. Jeruk mipis bisa ngabodaskeun raray.
3. Jeruk mipis bisa ngahérangkeun raray.
4. Jeruk mipis bisa ngaleutikan pori-pori.
Léngkah-léngkahna : Sadiakeun jeruk mipis anu masih seger, tuluy belah jadi dua bagian. Sanggeus kitu usapkeun daging jeruk mipis kana kulit, irung, jeung pipi anu pori-porina gedé. * Pikeun Kaséhatan Kuku
1. Ngabersihkeun jeung ngahérangkeun.
Léngkah-léngkahna : Sadiakeun cai jeruk mipis, tuluy bersihkeun kalayan ngagosok-gosokeun kana kuku. * Pikeun Buuk
1. Ngaleungitkeun minyak jeung kokotor dina buuk.
2. Ngalembutkeun, jeung matak hérang kana buuk. 3. Ngaleungitkeun ketombé
Léngkah-léngkahna : kuramas ku cai haneut anu geus dicampur ku cai peresan jeruk mipis, antepkeun salila 20-30 menit, sanggeus kitu bilas ku cai nepi ka bersih. * Pikeun Jerawat
1. Ngurangan minyak dina raray.
'Léngkah-léngkahna : Cai peresan jerik mipis dicampur ku madu éta téh dipaké ilaharna masker.
* Ubar batuk
'Léngkah-léngkahna : Jeruk mipis dibeulah tuluy di peres di arah caina. Sanggeus kitu dihijikeun jeung kécap jeung madu. Inum sakali hiji sendok dahar. Lamun keur budak mah tilu kali sapoé saséndok entéh. Atawa ku cara nu séjén nya éta jeruk mipis dibeulah tuluy dioeres diarah caina. Tambahkeun minyak kayu putih jeung kapur sirih. Sanggeus kitu balurkeun kana dada, beuheung jeung tonggong.
* Obat demam 'Léngkah-léngkahna : Jeruk Mipis dibeulah tuluy dicampur jeung daun gedang jeung cikur. Tuluy digodokeun ku tilu gelas cai, nepi ka jadi ngan sagelas. Sanggeus kitu disaring caina pikeun diinum tilu gelas sahari satengah gelas.

(Ku : Melly Amalia)

No comments:

Post a Comment