Kagunaan Hp Pikeun Budak Sakola
(Ku : Ghaida Asri)
Mun ditilik mah sabenerna kagunaan Hp pikeun budak
sakola teh nyaeta ngan saukur jang alat bantu komunikasi hungkul, jang
ngamudahkeun pikeun hubungan jeung balerea sangkan urang teu kudu hese
papanggih langsung jeung jalma nu di tuju. Ngan saukur mencet tombol hungkul,
urang geus bisa ngobrol jeung saha wae.
Tapi ras ku jaman kiwari, eta kagunaan hp teh geus
robah, lain saukur alat komunikasi hungkul tapi ku kamajuan IPTEK eta hp bisa
leuwih loba kagunaannana. Bisa dipake internetan, ngamera, midio, ngadangukeun
lagu jeung sajabana. Eta kagunaan hp teh teu saeutik nu disalahgunakeun ku
budak sakola. Loba budak nu ngagunakeun eta hp jang hal-hal nu positif tapi teu
saeutik oge nu ngagunakeun na jang hal-hal negatif. Conto na dina waktu di ajar
lain merhatikeun guru tapi budak ayena kadon internetan di kolong meja,
facebookan, twitteran jeung ningali hal-hal nu teu wajar di tingali ku budak
sakola.
Eta hal matak
ngarugikeun pisan pikeun generasi panerus bangsa, budak sakola nu kuduna
mikaweruh elmu nu positif tapi kadon loba mikaweruh nu negatif na. Matak tong
aneh, jaman kiwari mah loba budak sakola nu ngalanggar norma jeung aturan.
Kukituna urang salaku generasi panerus bangsa kudu bisa ngagunakeun alat-alat
komunikasi, khusus na hp jang hal-hal positif, tong disalahgunakeun kanu
hal-hal negatif nu matak ngaruksak kana moral gerasi panerus bangsa.
No comments:
Post a Comment