Thursday, February 28, 2013

[Essai] Pentingna Ngajaga Kasehatan


Wasta : Yeni Sri Mulyani
Kelas : XII IPA 2
Pentingna Ngajaga Kasehatan
Kiwari sagalana geus serba didagangkan. Mun ditanya naon wae anu garatis di dunya ieu, pasti loba jalma anu teu barisa ngajawab. Baheula urang masih keneh bisa ngajawab yen salah sahiji anu garatis the nyaeta oksigen. Tapi geuning ayeuna mah mun urang gering asma tuluy dibere napas buatan tina tabung oksigen, sangges kitu mang juta-juta duit ngalayang keur mayar eta nu ngarana oksigen. Ieu nunjukeun yen jaman geus robah. Sagala kahirupan urang diatur ku tehnologi. Salain ti eta, rupa-rupa panyakit nu araneh beuki loba, sarta ubar kimia-na ge sarua lobana. Nyingsieunan rahayat nu teu mampu meuli ubar pikeun ngubaran eta panyakit. Ceunah aya slogan nu miskin mah teu meunang gering. Tuh geuning kasehatan tek kacida mahalna. Kasehatan mangrupa hal anu utama dina kahirupan. Kabayang mun urang geringan wae, eta duit jeung pagawean the lila-lia kasedot kupanyakit. Tungtungna mah duit beak, gawe teu bisa.
Mun urang ningali kolot baheula yuswana loba anu nepi ka mang ratus-ratus taun tapi awakna jag-jag keneh. Padahal mah baheula can loba dokter sepesialis, paling ge ngan aya mantra desa anu alatna ngan saayana. Kolot baheula sabenerna ngajarkeun kumaha carana ngubaran panyakit, nyaeta ku tutuwuhan. Loba rupa-rupa tutuwuhan nu bisa dijadikeun ubar, contona bawang bodas pikeun nurunkeun tensi darah, koneng pikeun ngubaran panyakit lambung, jeruk nipis bisa ngubaran batuk, jeung tutuwuhan lain sajabana anu sarua gede mangpaatna. Mun ku urang dititenan, ubar-ubar anu dijieun ku ahli Farmasi the asalna tina tutuwuhan oge. Ngan bedana ubar nu dijieun ku ahli Farmasi mah geus dicampur jeung bahan-bahan kimia, anu loba epek sampingna. Cobaan weh urang rieut tuluy ka warung meuli ubar,
dina bungkusna aya tulisan yen eta ubar teh matak tunduh. Ubar nu dijieun make bahan kimia lolobana lain ngubaran, tapi nyiptakeun panyakit anyar dina awak urang. Mun urang loba ngonsumsi ubar kimia, ginjal urang bakal rusak.
Tutuwuhan nu bisa dijadikeun ubar kiwari geus beuki hese diteangan. Leuweung-leuweung nu jadi tempat hirupna geus jadi wangunan-wangunan nu jadi asset nagara. Padahal mah mun kuurang dilastarikeun eta leuweung teh bisa jadi asset nagara anu pang gedena. Tapi alatan manusa sok sarakah dina nyikepan dunya, sok ngadadak lolong teu bisa ningali mana nu bener mana nu salah. Urang salaku generasi ayeuna ngna bisa mangpaatkeun nu aya, ulah nepi ka bulistir leungit kabehanana eta tutuwuhan teh. Mun seug tutuwuhan punah, atuh jalma taya harepan keur hirup. Salain ti eta, urang ge kudu bisa ngajaga kasehatan, mun lain diri sorangan nu ngajaga, rek saha deui. Nu apal kaayaan awak the lain batur, tapi diri sorangan.

No comments:

Post a Comment