Thursday, February 28, 2013
[Essai] “Pentingna budaya sunda di kalangan pelajar”
“Pentingna budaya sunda di kalangan pelajar”
Ku: irvan f rochman
Xii ipa 2
Di era globalisasi, kalagan rumaja mulai poho kana kabudayaan urang sorangan nyaeta “budaya sunda” kalagan rumaja jaman ayeuna mulai pro kana kabudayaan barat contona ahir-ahir ieu budaya sunda khususna budaya ngawih, mulai digentos ku budaya asing sapertos lalaguan K-pop, Lagu barat jsb. Budak SMA jaman ayeuna mah asa jarang pisan ngahaleuangkeun pupuh
Tapi tong salah aya hal positive anu tiasa urang candak nyaeta urang sunda teh teu katinggaleun jaman dina hal music, sabab jaman ayeuna mah jalmi anu tiasa ngahaleuangkeun lagu barat pasti jago kana bahasa inggris na,,
Naon ari hal negative na? , tong salah dampak negative ti budaya asing the leuwih parah tibatan budaya urang sorangan sabab contona dina hal music , tangtos dina music sok aya video clipna, tah tina video klip eta meureun para rumaja teh nurutkeun hal-hal anu teu cocok sareng kabudayaan urang sapertos dina pakaian nana, gaya basa na sareng karakterna
Tah ninggali kajadian eta, kuring salaku para rumaja kudu tiasa nyandak hal anu positip yen budaya sunda teu jadi budaya anu katinggalan jaman
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment