Thursday, February 28, 2013
[Essai] Rumaja Nu Nyakola
Nama: Hafizh Moch I
Kelas : XII IPA 2
Rumaja Nu Nyakola
Tatakrama urang sunda mah loba. Timimiti urang gejlikna kadunya kolot geus ngajarkeun nu ngarana tatakrama. Urang diajarkeun cara tuang anu bener, ngomong nu sopan boh kusorangan atawa jang ka batur. Matak resep mun ningali budak anu nyopan kasasaha boh kanu leuwih leutik, kana nu saumuran, komo kanu kolot mah.
Kiwari jaman geus robah, ceunah ayeuna mah jaman globalisasi anu kapangaruhan ku tatar kulon. Rumaja-rumaja ayeuna geul tes geus taya tedeng aling-aling pisan. Contohna dina make baju, model bajuna nurutan bangsa deugeun nu teu pantes katingali. Matak tindakpelecehanseksual beuki loba da khususna awewe make baju anu ningalikeun orat. Teras dina cariosna, loloba rumaja ayeuna mah ngagunakeun basa gaul nu beuki teu nyopan. Ni jauh tina tatakrama urang sunda.
Urang disakolakeun ku kolot luhur-luhur teh lain jang ngalawan kolot tapi kolot hayang urang jadi jalmanu guna boh keur diri sorangan boh keur batur. Urang kudu bisa silih pihapekeun diri ngarah teu di pikangewa ku batur. Mun urang ayeuna teu boga kasopanan atuh moal loba nu mikanyaah. Sedangkeun hirup didunya teh teu sorangan. Komo mun orang nepi kawani ngalawan kolot mah kacida dorakana. Mun enya oge kolot nu salah tapi urang tetep teu meunang ngalawan kolot, urang ngan meunang ngingetanjeung mere nyaho naon kalepatana ku cara anu sopan.
Rumaja ayeuna mah geus garede ku gengsi pikeun ngadegkeun tatakrama sunda. Ceunah nu kitu teh kampungan. Puguh jalma nu nyakola tapi teu apal tatakrama nu kitu teh jalma nu kuuleunatau teu gaul. Sabab teu bisa sosialisasinya jeung urang pribumi. Bisana ngan ngapalkeun budaya deungeun nu lolobana mah ngan api-api apal sabab hayang disebut gaul tea.
Tah urang salaku rumaja ayeuna anu nyakola, ulah nepikeun kapangaruhan ku batur. Turutkeun kereteg hate anu pangjujurna pikeun ngawangun bangsa anu luhur bumi. Rumaja anu nyopan kasasaha utamana kakolot, anu pikanyalaheun batur, jeung picontoeun keur adi-adi urang saterusna.
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment