Thursday, February 28, 2013

[Essai] Pasar Loak


Pasar Loak

Muthia Putri Rizkya
XII IPA 2


“Pasar” mangrupakeun kecap anu teu asing di cepil urang sadaya. Sadaya jalmi tangtu terang makna tina kecap diluhur. Dina elmu ekonomi mainstream, pasar nyaeta struktur nu memungkinkeun nu ngagaleuh jeung nu dagang patuker barang , jasa jeung informasi.

Macem macem barang di dagangkeun di pasar, pikeun barang illegal oge didagangkeun. Salah sahiji pasar nu ngajual barang unik lainna nyaeta pasar loak. Urang sadaya tangtu tos terang, pasar loak nyaeta pasar anu ngajual barang barang bekas, tina nu kualitasna biasa nepikeun ka nu kualitasna alus keneh.

Salah sahiji pasar loak nu murah jeung lengkap di kota Bandung nyaeta pasar Gedebage. Pasar Gedebage khusus ngajual baju-baju bekas, mulai tina jaket kulit, kaos, calana, rompi, sapatu, kantong sangkan gaun paranti pesta dijual di pasar Gedebage. Barang barang nu dijual di Gedebage hargana murah, tapi, mun hayang leuwih murah, urang kedah datang dina akhir minggu, biasana mah sok aya obral gede-gedean pikeun satengah harga.

Soal alus henteuna kualitas barang nu dijual di pasar loak, eta mah pinter-pinterna urang milih barang, urang kedahjeli dina milih barang sangkan teu ditipu ku tukang dagangna. Barang alus teu kudu nu mahal.

No comments:

Post a Comment