Thursday, March 7, 2013

[Essai] Koruptor Nonoman

Koruptor Nonoman 
(ku : Siti Gina)
Di jaman kiwari jelema-jelema nu jujur teh jadi saeutikan, urang salaku “generasi pamilu dididik diatik di sakola. Para pajabat nonoman teh mangrupakeun pajabat anu di piharep ku rakyat sangkan bisa ngagantikeun pajabat-pajabat anu teu baralѐg. Tapi tina kanyataanna pajabat-pajabat nonoman gѐ kaasup koruptor. Contona baѐ Angelina Sondang, Gayus Tambunan, Nazaruddin, Neneng, jeung nu panganyarna nyaѐta Anas Urbaningrum. Ku sabab hal eta rakyat rѐa nu ges teu percaya ka nu ngaranna para pajabat pemerintah komo ka nu ngiluan politik mah.
Korupsi geus teu aneh deui, komo lamun ditingali ka para pajabat nagara. Maranehna ngalakakukeun korupsi ngan hanjakal hakim di nagara Indonesia teh mencos ka handap. Contona nini-nini anu maok buah coklat, hukumanna dibalewatangan. Beda lamun ka para pajabat biasana hukumanana teh bisa dibeli ku harta atawa “sogokan”. Contona Gayus Tambunan, manehna korupsi tapi nyatana manehna bisa ulin ka luar jawa (Bali).
Hal eta nu matak nagara urang moal maju-maju ku sabab hukumna sorangan bisa di beuli.
Ku sabab hal eta urang salaku generasi nonoman kudu bisa jujur sangkan bisa ngaganti para pajabat nu teu jalujur jadi jalujur.

[Essai] Aksara Sunda Keur Indonesia

Aksara Sunda Keur Indonesia 
(ku : Nur Muhamad Aziz)

Ti sabang neupi ka merauke, budaya Indonesia teh loba pisan. Tinu tarianna, lagu – lagu daerahna neupi ka kerajinanna. Conto tinu tarian nu geus kawentar jiga tari jaipong, tari kecak, tari merak, tari piring jeung tari reog ponorogo. Aya oge lagu – lagu daerah nu Indonesia jiga ampar – ampar pisang, gundul – gundul pacul jeung apuse. Lamun kerajinanna jiga kain songket, batik, anyaman jeung rupa – rupa deui.
Tapi aya oge budaya anu lain, nyaeta aksara – aksara daerah Indonesia. Salah sahijina nyaeta aksara sunda. Akhir – akhir ieu aksara sunda mulai ngaleungit di kahirupan masyarakat sunda. Kusabab aksara sunda ieu lolobana geus teu diajarkeun ka barudak di daerah sunda sorangan. Jeung aksara sunda ieu geus tara diajarkeun di sakola - sakola. Ngan saeutik sakola nu masih keneh mikeun pangajaran aksara sunda.
Kusabab kitu, aksara sunda perlu dilestarikeun ku cara diajarkeun di sakola – sakola atawa diajar ku cara otodidak. Ngarah budaya urang anu ieu henteu di klaim deui ku nagara tatangga.

[Essai] Manpaat Tutuwuhan keur Kahirupan



Manpaat Tutuwuhan keur Kahirupan
(ku : Nur Annisa H) 

Salian ti manusa jeung sasatoan, bumi ieu oge dihuni ku loba jenis tutuwuhan. Dina kahirupan urang ieu, sakabeh mahluk boga kaleuwihanna sorangan. Kusabab eta, sakabeh mahluk pasti butuh ka mahluk sejenna. Saperti contona, manusa jeung sasatoan anu butuh kana tutuwuhan kusabab manpaat anu dipiboga tutuwuhan eta sorangan. Aya oge harti tina tutuwuhan nyaeta, mahluk hirup ka tilu dina alam parantos manusa jeung sasatoan (Ensiklopedia Indonesia Jilid 6).
Aya oge pembahasan dina karangan ieu nyaeta, ngeunaan panfertian tutuwuhan jeung manpaatna keur kahirupan. Tujuan karangan ieu nyaeta, sangkan manusa bisa nyaho naon bae manpaat tutuwuhan jeung bisa ngalestarikeun tutuwuhan keur kahirupanna.
Di dunya ieu, loba pisan jenis tutuwuhan. Dina kaanekaragaman eta, tangtu loba oge manpaatna keur kahirupan urang. Contona, bisa dijadikeun ubar keur anu geuring, bisa dijadikeun sumber nutrisi keur asupan gizi raga urang. Jeung anu lewih penting nyaeta, tutuwuhan mangrupakeun hiji mahluk hirup anu nghasilkeun oksigen keur urang hirup. Teu kabayang lamun Gusti Allah teu nyiptakeun tutuwuhan keur urang salarea. Kumaha urang bisa napas sedangkaeun unggal detikna, urang terus-terusan ngahasilkeun karbondioksida jeung polusi udara.
Salian tina eta, loba oge panyakit anu muncul akibat tina mutasi gen. Salah sahiji pancegahanna nyaeta, ngajaga daya tahan tubuh urang sangkan teu gampang keuna panyakit. Jeung, cara ngajaga daya tahan tubuh teh, tina loba ngonsumsi sayuran sangkan raga urang teu kakurangan vitamin, asupan gizi jeung nutrisi. Saentos kitu, aya oge tahap penyembuhan dimana lolobana urang kudu nginum obat. Nah, timana obat eta teh? Obat eta bisa dijieun tina bahan kimia, jeung bisa oge dijieun tina tutuwuhan anu ngabogaan kasiat obat.
Kasimpulanna, tutuwuhan teh penting keur raga urang jeung keur kahirupan urang sapopoe. Kusabab eta, urang kudu ngalestarikeun tutuwuhan sangkan teu punah jeung populasinya teu saeutik pisan.

[Essay] Kagunaan Hp Pikeun Budak Sakola



Kagunaan Hp Pikeun Budak Sakola
(Ku : Ghaida Asri)
 
Mun ditilik mah sabenerna kagunaan Hp pikeun budak sakola teh nyaeta ngan saukur jang alat bantu komunikasi hungkul, jang ngamudahkeun pikeun hubungan jeung balerea sangkan urang teu kudu hese papanggih langsung jeung jalma nu di tuju. Ngan saukur mencet tombol hungkul, urang geus bisa ngobrol jeung saha wae.

Tapi ras ku jaman kiwari, eta kagunaan hp teh geus robah, lain saukur alat komunikasi hungkul tapi ku kamajuan IPTEK eta hp bisa leuwih loba kagunaannana. Bisa dipake internetan, ngamera, midio, ngadangukeun lagu jeung sajabana. Eta kagunaan hp teh teu saeutik nu disalahgunakeun ku budak sakola. Loba budak nu ngagunakeun eta hp jang hal-hal nu positif tapi teu saeutik oge nu ngagunakeun na jang hal-hal negatif. Conto na dina waktu di ajar lain merhatikeun guru tapi budak ayena kadon internetan di kolong meja, facebookan, twitteran jeung ningali hal-hal nu teu wajar di tingali ku budak sakola.

 Eta hal matak ngarugikeun pisan pikeun generasi panerus bangsa, budak sakola nu kuduna mikaweruh elmu nu positif tapi kadon loba mikaweruh nu negatif na. Matak tong aneh, jaman kiwari mah loba budak sakola nu ngalanggar norma jeung aturan. Kukituna urang salaku generasi panerus bangsa kudu bisa ngagunakeun alat-alat komunikasi, khusus na hp jang hal-hal positif, tong disalahgunakeun kanu hal-hal negatif nu matak ngaruksak kana moral gerasi panerus bangsa.


Friday, March 1, 2013

[EssaiI] Acara TV jeung Rumaja

Acara TV jeung Rumaja
(Laga Cahya Yudha)
XII IPA 2

            Sering pisan urang ningali atawa nonton acara-acara tentang rumaja anu misalna Sinetron atawa Reallity Show anu nampilkeun karakter rumaja anu kurang bener.
            Rumaja anu dimaksud nyaeta barudak anu umurna masih keneh 13-18 taun atawa anu masih make saragam bodas biru atawa bodas abu.
            Eukeur Reallity Show misalna aya sababaraha adegan anak awewe anu tega nyiksa indungna sorangan anu alesanna teh ngansaukur kurang duit jajan, atawa Rellity Show anu nyaritakeun hiji budak lalaki anu bogoh ka hiji budak awewe terus ngalakuken sagala hal  nu matak budak awewe eta bogoh ka manehna.
            Eukeur Sinetron, kisah anu paling loba dicaritekeun nyaeta tentang  bobogohan rumaja sarta geng-gengan, anu lewih parah nyaritaken tentang teu kasopanan budak rumaja ka guru atawa ka kolot.
            Hal-hal anu ditayangkeun bisa jadi kabiasaan anu lumrah sanajan hal-hal eta teh salah jeung jauh ti tata krama budaya urang sunda. Contona teu sopan ka kolot, nurutan budaya kabaret-baratan jeung jauh ti kawajiban rumaja anu kuduna nuntut elmu nu bener
            Mimitina media elektronik ngan saukur hayang nayangkeun acara hiburan anu tokohna rumaja jeung carita anu anyar. Tapi dina ahirna ngajurung para rumaja sangkan ngurangan nuntut elmu kusabab acara-acara anu ditayangkeun teh lewih rame daripada diajar.
            Jadi loba rumaja anu nyonto kana adegan-adegan anu ditayangkeun ngakibatkeun naekna angka tawuran, cara papakean anu kurang sopan nurutkeun budaya barat, tata krama kakolot nurun, jeung nurunna moral bangsa urang.
            Anu perlu dilakukeun ayena nyaeta ngan ngabatasan jeng ngajaga diri urang sorangan ngarah teu kabawakeun hal-hal anu gorengna. Kusabab kumaha wae oge rumanja nyaeta masa di mana keurneangan jati diri anu didukung ku lingkungan, jadi timimiti ayena urang kudu ngembangkeun lingkungan anu hade keur kabehan.