Koruptor Nonoman
(ku : Siti Gina)
Di jaman kiwari jelema-jelema nu jujur teh
jadi saeutikan, urang salaku “generasi pamilu dididik diatik di sakola.
Para pajabat nonoman teh mangrupakeun pajabat anu di piharep ku rakyat
sangkan bisa ngagantikeun pajabat-pajabat anu teu baralѐg. Tapi tina
kanyataanna pajabat-pajabat nonoman gѐ kaasup koruptor. Contona baѐ
Angelina Sondang, Gayus Tambunan, Nazaruddin, Neneng, jeung nu
panganyarna nyaѐta Anas Urbaningrum. Ku sabab hal eta rakyat rѐa nu ges
teu percaya ka nu ngaranna para pajabat pemerintah komo ka nu ngiluan
politik mah.
Korupsi geus teu aneh deui, komo lamun ditingali ka
para pajabat nagara. Maranehna ngalakakukeun korupsi ngan hanjakal
hakim di nagara Indonesia teh mencos ka handap. Contona nini-nini anu
maok buah coklat, hukumanna dibalewatangan. Beda lamun ka para pajabat
biasana hukumanana teh bisa dibeli ku harta atawa “sogokan”. Contona
Gayus Tambunan, manehna korupsi tapi nyatana manehna bisa ulin ka luar
jawa (Bali).
Hal eta nu matak nagara urang moal maju-maju ku sabab hukumna sorangan bisa di beuli.
Ku sabab hal eta urang salaku generasi nonoman kudu bisa jujur sangkan bisa ngaganti para pajabat nu teu jalujur jadi jalujur.